Papatah Ti Karuhun

Jaga rang héés tamba tunduh, nginum twak tamba hanaang, nyatu tamba ponyo, ulah urang kajongjonan.Yatnakeun maring ku hanteu

aga rang ngajadikeun gaga sawah,tihap ulah sangsara jaga rang nyieun kabeu/a/n tihap ulah ngu(n)deur ka huma bet sakalih,ka huma lega sakalih, hamo ma beunang urang laku sadu. Contoan ulah tihap meuli ulah ti tihap nukeur,pakarang ulah tihap nginjeum si(m)but sawet mulah kasarataan,hakaninuman ulah kakurangan.

sanguni tu meor, ngodok nyepet, ngarebut, ngarogoh, papanjingan, maka nguni di tohaan di maneh, itu leuwih mulah dipiguna, dipitwah ku urang hulun,ulah mopake na sabda atong teuang guru basa, bakti sukila di pada janma, di kula kadang baraya.

jaga rang dipiguhakeun,mulah surad di tineung urang, sanguni salah
tenbal,kajeueung semu mo suka ku tohaan urang, ulah, pamali bisi urug beunang di tapa, hilang beunang

Hartina

Upama urang saré saukur ngaleungitkeun rasa tunduh, nginum tuak saukur keur kahanaangan, dahar saukur keur lapar, montong kaleuleuwihan.  Poma, jaga géto téh urang moal boga nanaon.

Pama nyawah, sakadar henteu sangsara,upama ngebon sangkan henteu ngala sayur-sayuran kebon leutik anu batur atawa kebon lega anu lian, lantaran urang henteu bisa menta, mulasara ingon-ingon sakadar pikeun henteu meuli atawa tukeur, ngabogaan pakakas sangkan henteu nginjeum, simbut jeung pakéan bisa kacumponan dahar nginum teu kakurangan.

Ngabobodo, nyokot, nyopét, ngarebut, ngarogoh, maling harta anu keur saré,oge mondok moek di dunungan. Nu karitu téh omat ulah dipilampah. Ulah tinggaleun ti ucap anu daréhdéh, hormat, sopan, soméah ka papada kadang baraya.

Upama meunang kapercayaan nyekel rusiah, poma ulah codéka,kitu deui salah ngawaler, katingali raja urang teu sukaeun, ulah pamali bisi batal hasil tatapa urang, bisi leungit beunang hésé, anu antukna urang pinanggih jeung kasangsaraan.

4 responses to “Papatah Ti Karuhun

  1. Ping-balik: 2010 in review | Hakuna Matata

  2. aduh bahasa buhun ……..rada bingung tadinamah sihoreng aya hartosna…hatur nuhun tambihan deui….

  3. lumayan hese nya ieu bahasa. .
    punten ahhrada teu kahartos sakeudik da nembe di ajar..

  4. hasan sunardi

    muhunnya abdi oge kirang ngaratos naon maksaadna?……
    tapi sanaos kitu abdi teras bade nitenan kana isi/maksadna susunan naon rupi anu di cariosken ku saderek !!! (hatur nuhun)

Tinggalkan komentar